Minggu, 30 Maret 2014

Kumpulan Lirik Lagu Daerah Jawa Barat

ES LILIN
Es lilin mah ceuceu disurung surung lah
Di bawa mah di bawa ka Suka Sukajadi
Abdi isin ku bapa da bararingung
Tara tara geuningan di ti sasari
Es lilin mah ceuceu kalapa muda lah
Di bawa mah di bawa ka Maja Majalaya
Abdi isin ku bapa samarha duga
Sok sieun mah geuningan sanes baraya
Peutis kupat jeung jadakes
Sing horeng mah sing horeng mah
Sing horeng mah sing horeng mah
Keur meong
Alus rupa hade pake
Eta sing horeng mah
Eta sing horeng mah
Bebende deungeun
Ari petis kupat jeung jadakes
Sing horeng mah sing horeng mah
Sing horeng mah sing horeng mah
Cereme leuweung
Alus rupa hade pake
Eta sing horeng mah
Eta sing horeng mah
Sangsara badan reundeu

SAPU NYERE PEGAT SIMPAY
Ririungan urang karumpul
Meungpeung deukeut hayu urang sosonoan
Macangkrama bari ngawadul
Urang silih tempas silih aledan

Moal lila jeung babaturan
Hiji wanci anu geus ditangtukeun
Bakal pisah bakal pajauh
Bakal mopohokeun katineung urang

Sapu nyere pegat simpai, bakal kasorang
Takdir ti gusti hyang widi, pasti kalakon
Urang rek papisah, urang rek pajauh
Meungpeung deukut, hayu urang sosonoan

Panon Hideung Panon hideung Pipi koneng Irung mancung Putri Bandung Putri saha Di mana bumina Abbi reseup Kaanjeunna Siang wengi Kaimpi-impi Hate Abdi Sara redih Teuemut dahar Teuemut nginum Emut kanu geulis Panon Hideung

Sumber :http://www.belajarkreatif.net/2013/05/kumpulan-lirik-lagu-daerah-jawa-popular.html
Copyright www.belajarkreatif.net | Belajar Kreatif | Tips | Inspiring and Motivations |